Kamis, 06 September 2012

Artikel Basa Sunda Kelas IX


Artikel Sunda
Ngabuburit
Ngabuburit, kecap anu moal bisa dipopohokeun ku jalma anu dirina ngaku urang Sunda, boh pituin, atawa blasteran, ogé Sunda Kukut. Keun teu kudu dibéjér béaskeun ngeunaan subjékna mah, naon Sunda pituin, blasteran, atawa Kukut. Bisi jauh teuing, ka mana meni. Anu jelas, ngabuburit kecap tina basa Sunda tapi dipimilik ku urang Indonesia, teu hésé ngucapkeunna, urang Jawa, Bali, Lombok, Acéh, Melayu, Papua, bisa ngucapkeun kecap ngabuburit kalawan faséhat. Teu siga kalimah batok kohok wadah huut, Mas Parno nepi ka bijil késang badag késang lembut waktu dititah ngucapkeun éta kalimah, hésé meureun da teu biasa, sarua jeung urang anu jarang maca Qur’an terus dititah ngimaman sholat berjama’ah.
Lain gampang diucapkeunna wungkul, ogé dipikaresep ku sasaha, komo ku urang anu keur ngalakonan ibadah puasa. Lain dipikaresep ku jalma biasa wungkul. Para pangusaha jegud ogé raresepeun, iklan-iklan roko teu kagok masang huruf badag kecap ngabuburit dina baligo-baligo, bari teu kudu bébéja heula ka urang Sunda, da meureun kabéh ogé pada apal lamun basa mah teu kakeunaan ku aturan royalty, saha baé bisa ngagunakeunna. Politikus ogé resepeun kana kecap ngabuburit, keur ngudag dukungan, keur ngiceupan massa mengambang, maranéhna ngawur-ngawur jangji bari teu kireum-kireum ngucapkeun kecap ngabuburit. Geus puguh ari TV mah, basa anu teu boga hak royalty téh ku maranéhna mah bisa dijadikeun komoditas, bisa jadi piduiteun, bisa nyokot kauntungan ku ngajadikeun kecap ngabuburit  jadi acara-acara dina TV.
Burit nunjukeun hiji wanci. Téréh magrib, kahirupan téréh bérés. Sanggeus sapoé jeput jalma diuudag ku pangabutuh, capé meureun, wanci tunggang gunung mangrupa mangsa keur nyinglarkeun sagala pangbeubeurat anu minuhan kahirupan jalma. Burit, hiji totondén, jandéla beurang baris ditutup, papayon sandéwara kahirupan anu dilakonan baris dipungkas. Dina wanci ieu pisan, jalma bisa ngarénghap panjang, bari peureum sakeudeung. Ngan geus puguh, urang bakal nyanghareupan poék, peuting bakal manting. Anu bagja hirupna, lamun salila beurang tadi manéhna bisa ngeusi kahirupan ku hal-hal anu bakal mawa kaluginaan salila reureuh. Dina reureuhna baris bisa meureumkeun panon kalawan teu diudag-udag ku karingrang, sok sanajan ngagolér saukur dina luhureun samak butut, atawa dipan teuas.
Jandéla kahirupan geus baris ditutup. Kariaan jadi tanda, lamun wanci geus deukeut ka bukti. Hiji bukti anu geus pasti: “ Iqtarobatissa’aah….” Geus deukeut waktu anu geus ditangtukeun. Klimaks kahirupan ngaramékeun wanci tunggang gunung, jalma-jalma ngabuburit bari ngalalajoan pintonan éta sandéwara, sawaréhna bener-bener jadi aktor anu ngalakonan sandéwara. “ Saya’ti ‘Ala Ummaatii Zamaanun..” zaman anu ku Rasul didawuhkeun bakal datang téh meureun ayeuna pisan.  Ramé ti ditu- ti dieu, aya anu marawa goong lain ditakol, tapi disusuhun, aya anu tarumpak kuda ngan hulu kuda kahareup anu tumpakna nukangan. Tapi teu sautik, jalma anu wajar-wajar baé dina polah. Laleumpang maraké suku, ngabandaleut sisi jalan, teu némbongkeun karingrang, teu lémék teu nyarék, lumampah mapay jalan balik.
Tinggal, urang anu nangtukeun léngkah, sanggeus wanci tunggang gunung réngsé, sanggeus burit geus diganti ku wanci sareupna, urang rék leumpang  jeung lumampah ka mana?
Sumber : http://sosbud.kompasiana.com/2011/08/17/artikel-sunda-ngabuburit/

Tidak ada komentar:

Posting Komentar